Fish

Selasa, 20 Maret 2012

karya ilmiah kesenian dan kebudayaan sunda ( basa sunda )


PANGANTEUR
Kiwari dina kamajuan jaman, tradisi jeung kabudayaan daerah nu awalna dicekel pageuh, di pihara jeung dijaga kayaanna ku tiap-tiap suku, ayeunamah tos ampir punah. Umumnamah masarakat ngarasa gengsi jeung era lamun masih mertahankeun jeung ngagunakeun budaya lokal atawa budaya daerah. Loba masarakat nu milih nampilkeun jeung ngagunakeun kasenian jeung budaya modern dibanding kabudayaan nu asalna ti daerah sorangan nu sabenernamah justru kabudayaan daerah atawa budaya lokal nu paling penting.
Masarakat leuwih milih jeung pindah ka budaya luar nu can tentu sasuai jeung kapribadian bangsa malah masarakat leuwih ngarasa bangga ka budaya luar dibanding budayana sorangan .
Masarakat teu sadar lamun budaya daerah mangrupa faktor utama kabentukna kabudayaan nasional jeung budaya daerah nu dipikaboga mangrupa kabengharan bangsa nu nilaina luhur pisan jeung kudu dijaga kalestarianna jeung kaayaanna ku tiap-tiap masarakat. Umumnamah masarakat teu sadar lamun sabenernamah kabudayaan mangrupaning jati diri bangsa nu ngagambarkeun sagala aspek kahirupan nu aya dijerona.


i
Gede harapan sim abdi, mugi-mugi tina di jieunna karya ilmiah ieu nu judulna Budaya Suku Sunda nu dijerona ngabahas ngenaan kabudayaan nu asalna ti daerah Jawa Barat ieu jadi sala sahiji sarana beh masarakat sadar lamun kabudayaan sunda teh mahal pisan keur hiji bangsa, nu akhirnamah bakal ngajieun masarakat jadi ngarasa bangga ka kabudayaan daerah sorangan

Bandung, Maret 2012

Wulan Intan Fadilah









iii
EUSI BUKU
                              I.                Panganteur……………………………………………………. i
                            II.                Eusi Buku…………………………………..……………...…..iii
                           III.                Pangjajap…………………………………..……………….… 1
1.            Latar belakang ……………………………………………….. 1
2.             Tujuan Pananglukitan………………………………………. 2
                          IV.                Ngabahas………………………………………………………. 3
                           V.                Panutup………………………………………………………… 6
1.            Kasimpulan……………………………………………………. 6
2.            Saran……………………………………………………………. 7














iii
BAB I
PANGJAJAP

A.          Latar Belakang
Indonesia mangrupaken nagara nu nungabogaan sabaraha pulau jeung rupi-rupi suku bangsa, bahasa, adat istiadat atawa kabudayaan. Rupi-rupi budaya nu aya di Indonesia , ieu hiji buktos lamun Indonesia nagara nu beunghar kabudayaannana. Kabudayaan daerah mangrupikeun factor utami ngawujudkeun kabudayaan global nu biasa disebut kabudayaan nasional. Matak eta sagalarupi kabudayaan daerah bakal mangaruhan pisan ka kaayaan budaya nasional. Kitu oge sabalikna kabudayaan nasional nu asalna ti kabudayaan daerah bakal mangaruhan ka kabudayaan daerah / kabudayaan nasional.
Kabudayaan mangrupikeun hiji kakayaan nu nilaina luhur, sabab salain mangrupikeun ciri khas ti hiji daerah oge lambang ti kapribadian hiji bangsa atawa daerah.




1
B.          Tujuan Pananglukitan
Ngajaga, ngamumule, jeung ngalestarikeun kabudayaan mangrupikeun kawajiban urang sadaya, dina raraga ngangkat budaya sunda sim abdi nyobian nyusun karya ilmiah nu judulna Kabudayaan Suku Sunda nu ngabahas rupi-rupi kabudayaan tradisional Jawa Barat/Sunda. Niat sim abdi ngadamel ieu karya ilmiah nyaeta supados nu ngabaca uninga wireh suku sunda mangrupikeun suku nu beunghar jeung sadar wireh ngajaga jeung ngamumule kabudayaan daerah mangrupkeun kawajiban tiap-tiap masarakat.









2
BAB II
NGABAHAS

Suku sunda mangrupikeun suku nu ayana di Provinsi Jawa Barat. Suku sunda nyaeta hiji suku nu ngagaduhan kabudayaan daerah, diantawisna anggoan tradisional, kasenian tradisional, basa daerah, jeung lainna.
Diantawisna seueur kabudayaan daerah nu di pikagaduh ku suku sunda nyaeta
1.            Baju adat/khas jawa Barat
Suku sunda gaduh anggoan adat nu kasohor, nyaeta kabaya. Kabaya mangrupa anggoan khas Jawa Barat nu kasohor, dugi kaayeuna kabaya sanes janten anggoan khas wae tapi tos janten anggoan adat nasional. Eta mangrupikeun hiji buktos kabudayaan daerah mangrupikeun bagian ti kabudayaan nasional.
2.            Kasenian khas Jawa Barat
a.            Wayang golek
Wayang golek mangrupa kasenian ti Jawa Barat nyaeta kasenian nu mintonkeun jeung nyandak hiji carita sajarah. Wayang golek nyaeta mangrupikeun boneka nu di jieunna tina kai nu ngamerankeuna tokoh ahli carita pawayangan jeung dipintonkeun
3
ku dalang nu dibarengan ku kawih sinden jeung lagam tradisional
Jawa Barat nu disebut degung.
b.            Jaipong
Jaipong nyaeta tarian tradisional dari Jawa Barat, biasanamah nampilkeun nunari nu ngagunakeun baju khas Jawa Barat nu disebat kabaya, jeung di iringan kawih tradisional  Jawa Barat nu disebut kawih sinden Jaipong.
Jaipong Biasanamah dipintonkeun ku saurang atawa sakelompok tari nu mintonkeun tatarian  jaipongan
c.            Degung
Degung mangrupikeun hiji kasenian sunda nu biasana dipintonkeun di acara hajatan. Kasenian degung ieu janten pangiring atanapi panganteur kawih.
Degung ieu mangrupakeun gabungan alat-alat music khas jawa barat nyaeta, kendang, goong, boning, saron, kacapi, suling, rebab, jeung sajabina.
Degung mengrupikeun salah sahiji kasenian anu kasohor di Jawa Barat sabab iringanna musik degung ieu sok di anggo dina hajatan jeung masih nganut adat tradisional, salain eta musik degung oge sok dianggo panganteur dina satiap pagelaran seni tradisional Jawa Barat lainna.
4
d.            Rempak gendang
Rempak gendang mangrupikeun kasenian nu asalna ti jawa barat. Rampak gendang ieu nyaeta nu nabeuh gendangna leuwih ti opat urang jeung ngagunakeun anu tos ngagaduhan kaahlian khusus dina nambeuh kendang. Biasana rampak kendang ieu sok di anggo dina acara pesta ageung atanapi acara ritual.
e.            calung
di daerah jawa barat aya kasenian nu namina calung, calung ieu nyaeta kasenian anu dijeiunna tina awi jeung panakolna tina kai. Biasanna calung ieu di pintonkeun ku limaan atanapi langkung. Calung ieu biasana nganggo pangiring nyanyi jeung bodoran.
f.             Penca silat
Penca silat mangrupikeun kasenian asal jawa barat, nu ayeuna tos janten kasenian nasional.
Tina awalna pencak silat ieu mangrupikeun igelan anu ngagunakeun gerakan-gerakan bela diri. Umumna penca silat ieu dipintonkeun kudua jalmi atanapi langkung jeung make anggoan sagala hideung jeung ngagunakeun beubeur tina bahan kaen nu di beulitkeun kana cangkeng oge make beungkeur sirah sami tina bahan kaen nu disebut iket.Umumna kasenian penca silat ieu dipintonkeun nganggo kendang, tarompet, goong.

5
BAB III
PANUTUP
1.           Kasimpulan
Suku sunda ayana di jdaerah jawa barat mangrupikeun suku anu ngagaduhan sababarahiji kabudayaan ngawitan tina adat istiadat sahari-hari, kasenian, acara ritual, jeung sajabina.
Sadayana ieu hiji buktos suku sunda mangrupikeun suku anu beughar budaya daerahna.
 Nyaeta diantawisna seueur kabudayaan anu dipikaboga ku suku sunda, aya sababarah kabudayaan suku sunda nu kasohor, nyaeta
1.            Baju adat/khas jawa Barat
2.            Wayang golek
3.            Jaipong
4.            Degung
5.            Rampak gendang
6.            Calung
7.            Penca silat
Teu ngan dibidang kasenian wunkul, suku sunda oge gaduh seueur macem-macem budaya daerah nu menarik

6
2.           Saran
Budaya daerah mangrupikeun kabudayaan nasional, nukedah dimumule jeung dijaga kaasliana sarta dilestarikeun supados aya ijen pangajen ti nagara lain kusabab eta simkuring gaduh kawajiban ngajaga, jeung ngalestarikeun budaya lokal atanapi budaya daerah jeung budaya nasional, margi budaya mangrupikeun bagian ti kapribadian bangsa.

7











Tidak ada komentar: